|
Ditulis
oleh Administrator
|
|
Minggu, 25
April 2010 01:10
|
|
Carita Pondok (CarPon)
Bahasa/Basa Sunda : Bulan Wanci Sareupna
Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku
tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak.
Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu,
pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa
katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo
marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan
bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul
bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal
samoja. Ayeuna, amanat ema téh
g ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah
henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang
meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté
ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng
hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék
indit-inditan.
“Hayu
atuh!” pokna.
“Hayu? Ka
mana?” kuring kerung.
“Har, apan
kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang
nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa
kakara ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang
téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun
bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel
ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha
atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”
“Keun baé,
kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha baé
nu milu téh?”
“Loba.
Geus taruluy batur mah!”
Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi
acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi
ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun
pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.
“Keun baé
da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.
Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba
jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot,
Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega.
Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.
Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa
Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag
nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.
“Geus
kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.
“Parantos
sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu atuh
urang indit ayeuna!”
Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi
anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi
basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah
kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh,
geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.
Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina
jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun,
biheung kasampeur deui.
Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal,
kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa
ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab
kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot
bulan nu beuki pias.
Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun
kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas
nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu
ngiceup-ngiceup.
Moal boa,
ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu
karasa.
Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing
iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih
kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.
“Pa, rék
kamana urang téh?”
“Engké ogé
apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng.
Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar
kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang
téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu
panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak
rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina
angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang
ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé,
boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu
dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?
Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun
lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna
keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun
pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé,
biheung geus réngsé.
Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran
jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté.
Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka
pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa
inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa
Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung
lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang
rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé,
weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu
kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering
jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.
“Hésé
geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa
Lebé.
“Cék
kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka
ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah
anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah
leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu
minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan
sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si
Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang
Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang
lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok
mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi
ngagadabah Nyi Imas.
“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa
ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun
hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.
Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu
diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah
katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon
anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu
kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya
codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti
batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil.
Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di
balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari
ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun
pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?
Naon anu
keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu
lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang
nanya kitu.
“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung.
Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di
dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.
“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus
rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh,
kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”
“Lain, aya
kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna
angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.
“Pikiran
baé ku sorangan!”
Lebeng.
Henteu kapikir.
Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua
pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung
mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.
Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu
weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé
anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar.
Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka
kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti
harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug.
Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.
Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah.
Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku
tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang
ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.
Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando
deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring
ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab
bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger
ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.
***
Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup
jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya
dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah.
Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan
taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah,
harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi
anu beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon.
Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus
ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu
téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah.
Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.
Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék
transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan
di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana
dongéng Mang Satibi téa.
Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun
kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun
ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas
peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé
kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu
bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan
gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.
Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak
sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén
ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu
jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus
henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan,
henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur.
Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot.
Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku naon
Pa Olot?”
Henteu
ngajawab.
Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo
ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal
angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus
careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun,
naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring
kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna,
nahkodana ogé keur milu ceurik.
Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh.
Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté,
Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.
“Hayang
balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik
arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab
asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.
“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik
deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina
dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa
dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.
“Saha
anjeun?”
“Pangeusi
ieu kapal!”
“Enya,
tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah wé,
katémbongna siga nu bingung!”
“Naha
anjeun henteu milu ceurik?”
“Naon nu
perlu diceungceurikan?”
“Itu
geuning batur mah …”
“Enya,
maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu
tinggaleun di ditu!”
“Kabéh aya
nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup
kuring?”
“Bisa
jadi!”
“Ké, ari
ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké ogé
bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu
gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.
“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah,
kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung
maranéhna : hayang balik deui.
Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang
dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina
dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana
kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring
hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup
bulan nu beuki pias …***
Saung
Pangreureuhan, 2000
sumber: daluang.com |
Minggu, 25 November 2012
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar